KAMANA ALLAH TEH?

Senin, 23 November 2009


KAMANA ALLAH TEH?

Dihiji tempat aya jelema nu keur diuk dina babancik nu geus butut bari sorangan, eta jelema keur kabingungan ku ayana eraglobalisasi anu pangaruhna karasa pisan ku manehna, nepikeun imana turun jeung geus kurang kayakinan jeung katakwaan kanu maha sagalana.
Sebut welah ngarana siDhika, ku ayana parubahan jaman anu nyesat keun iman, siDhika teu bisa ngabarengan parubahan jaman ku iman anu kuat.Kukaayaan rarabi jeung kaayaan ekonomina kurang pisan, rek mere nafkah ka anak pamajikan ge hese pisan.SiDhika ngagerentes dina hate “Ya Allah, salah naon atuh urang teh, meuni hese pisan neangan pagawean jeung neangan duit teh Ya Allah, kurang kumaha urang ibadah teh, atawa Allah geus euweuh? Allah teh kamana atuh?”.Ku pikiran anu teu sehat jeung hate anu dengki ditambah iman anu leeh ku cobaan anu dibere ku nu maha gusti, siDhika terus-terusan ngaragukeun ku ayana gusti Allah swt.
Teu lila aya kalangkanganu maju lalaunan ti tukangeun siDhika bari kadenge aya anu ngucapkeun salam, kadengena teh enakeun pisan jaba sorana haripu jeung agem.SiDhika lalaunan ngalieuk nempo ka arah datangna kalangkang bari ngajawab salam anu diucapkeun ku jelema nu datang ti tukangeun siDhika.Kabuktian anu datang teh ustad Sobirin anu karak balik ti masjid.Gek, ustad Sobirin diuk dina babancik nu geus butut gigireun siDhika. “Kunaon atuh ngalamun wae?” Ustad Sobirin nanya ka siDhika ”laaah, nuju kieu we pak, nuju niis (bari seuri)” jawab siDhika, da sok nyebut pak.”Atuh siga anu keur pararusing, pararusing kunaon atuh?sok caritakeun sugan we bisa nulungan, jeung teu alus we lamun boga masalah dipendem dina hate wae mah, sok mantak jadi panyakit”nanya deui ustad Sobirin ka siDhika.Bakat kupusing, siDhika teu asa-asa jeung teu era nyaritakeun kapusinganana ka usatad Sobirin.Dina tungtung caritaan siDhika ngomong “Pak ustad, mana Allah teh?atawa Allah geus euweuh?kapan Allah teh nyaah ka sakabeh umatna, tapi Allah mah teu nyaaheun ka urang.Urang sangsara wae, urang hayang beunghar pak ustad”.Ustad Sobirin molohok, teu percayaeun aya jelema anu ngomong kita jeung eta jelema masih keneh aya tali duduluran, tapi dulur jauh nyaeta dulur ti nabi Adam, he……he……!!!!!!
Ustad Sobirin ngajawab “Allah mah aya tibaheula nepikeun ka ayeuna gen, malahanmah nepikeun kaisukan atawa nepikeun ka iraha wae oge aya terus.Ngan urang salaku umatna teu beunta, tah mata maneh teh peureum polototkeun sing badag, jadi salila ieu teh maneh teh sare wae, mantakna ayeuna gewat hudang, geuwat buka mata maneh, buka mata hate maneh ku ka imanan maneh, mantakna ulah poho ibadah, sok menta ka Allah.Yeuh, dina jero awak maneh teh pinuh ku setan, ku iblis anu geus lila nutupan mata hate maneh.Setan mah unggal waktu menta ka Allah, ngan mentana supaya umat manusia ka goda ku rayuan setan.Mantakna setan mah salilana bakal dina naraka jahanam”.SiDhika reuwas nempo ustad Sobirin ngajawab na bari siga nu keuheuleun ka manehna.Tapi bakat ku imana siDhika leeh atawa kurang, pok deui siDhika ngomong “Pak ustad, kapan setan jeung iblis teh dijadikeunana teh tina seuneu,jadi moal kunanaon sing sabaraha puluh taun oge setan jeung iblis mah moal panasuen atawa nyerieun, da manehna oge tina seuneu”.Karak oge siDhika rapih ngomong, ustad Sobirin ngangkat leungeuna bari ngajerebebengkeun leungeuna, terus nyabok beungeut siDhika, ari siDhika nangtung bari keuheul, jeung bingung kunaon ustad Sobirin nyabok manehna “Yeeh,ari pak ustad ku naon nyabok urang teu pugah-puguh, lamun keuheulmah ngomong ulah nyabok, siga lain kolot wae atuh” ustad Sobirin seuri bari ngomong “Tah eta jawabanana” siDhika beuki bingung, dina otakna pinuh ku tanda Tanya (?) “Urang teu ngarti, naon maksud pak ustad?” ustad Sobirin beuki seuri ngadengena “Maneh apal ieu naon (bari ngangkatkeun leungeuna)?” siDhika ngajawab “Nya etamah leungeun” “ari bagian luar tina leungeun naon?” ustad Sobirin nanya deui “Nya kulit atuh, siga ka budak leutik wae atuh nanya nu kitu” ustad Sobirin seuri deui “keheula atuh, ulah waka ngomong kitu, ari ieu naon (bari ngusapan pipina siDhika anu di cabok?” ceuk ustad Sobirin teh, ari ceuk siDhika “pipi” bari ngajawabna pondok pisan “pan bagian luarna teh kulit nya?” siDhika terus ngajawab “Nya” ustad Sobirin ngomong deui “Tah ayeuna mah kieu, kulit di adeukeun ka kulit deui ku tekanan atawa tanaga anu gede nyeri lain?kawas dicabok tadi” “nya nyeri atuh pak”ceuk siDhika teh “tah setan jeung iblis oge nyerieun dinaraka teh, panaseun sing manehna dijieun tina seuneu oge, Allah mah maha kuasa, maha adil, maha sempurna, tah maneh ulah cemburu atawa sirik deui ka setan jeung iblis, da Allah mah adil”
Terus ustad Sobirin indit bari ngucapkeun salam, jeung siDhika ngajawab bari ngahuleng rarasaun keur mimpi tapi cenah maenya mimpi dicabok nyeri pisan, manehna sadar yen salila hidup teu percaya 100% ka Allah swt.SiDhika langsung indit ngalangkahkeun suku ka masjid arek shalat isa.

ciwakers-molested.blogspot.com

 
 
 

Tukeran Banner

ciwakers
Image by Cool Text: Logo and Button Generator - Create Your Own

Download Modul